B. Daerah

Pertanyaan

Eusian make kecap rajekan. 1) Jang Darman ... datang ka dieu tangtu aya pangabutuh. 2) ... Bajing luncat, hiji mangsa pasti tikosewad. 3) Ulah ... ka si Suha mah, sok dianggap enyaan. 4) Baju ... kieu naha bet teu pernah dipake. 5) Lebar teuing budak ... dikawinkeun jeung nu goreng patut. 6) ... jalma ari getol diajar mah tangtu bakal pinter.

1 Jawaban

  • Kecap rajekan nyaeta kecap anu disebut dua atawa tilu kali, boh wangun kecap dasarna boh engangna. Salian ti dirajek wangun kecap dasar atawa engangna, aya oge kecap rajekan anu diwangun ku cara nambahan rarangken, boh rarangken hareup boh rarangken tukang.

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu make kecap rajekan :

    1) Jang Darman ngadak-ngadak datang ka dieu tangtu aya pangabutuh.  

    2) Sapinter-pinterna Bajing luncat, hiji mangsa pasti tikosewad.  

    3) Ulah cacarita ka si Suha mah, sok dianggap enyaan.  

    4) Baju aralus kieu naha bet teu pernah dipake.  

    5) Lebar teuing budak kasep-kasep dikawinkeun jeung nu goreng patut.  

    6) Sabodo-bodona jalma ari getol diajar mah tangtu bakal pinter.


    Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SD)

    Kata Kunci : Kecap rajekan

Pertanyaan Lainnya