B. Daerah

Pertanyaan

ngalemeskeun kalimah
1 kuring resep maca dongeng tina majalah mangle
2bapa guru keur ngadongeng di jero kelas
3barudak keur merhatikeun pa guru ngadongeng
4lamun dipangdongengkeun teh kuring mah resep pisan
5 bapa kuring pinter ngadongeng

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
    Kelas : III (3 SD)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur saluhureun atawa anu dipikahormat.

    Di handap nyaeta kalimah lemes, boh kalimah kalimah lemes keur ka sorangan boh kalimah lemes keur ka batur saluhureun atawa nu dipikahormat, tina kalimah kasar nu ditanyakeun :

    1. Kuring resep maca dongeng tina majalah Mangle / Abdi resep maca dongeng tina majalah Mangle
    2. Bapa guru keur ngadongeng di jero kelas / Bapa guru nuju ngadongeng di lebet kelas
    3. Barudak keur merhatikeun pa guru ngadongeng / Murangkalih nuju merhatoskeun pa guru ngadongeng
    4. Lamun dipangdongengkeun teh kuring mah resep pisan / Upami dipandongengkeun teh abdi mah resep pisan
    5. Bapa kuring pinter ngadongeng / Pun bapa pinter ngadongeng

    Katangtuan atawa aturan nu aya patalina jeung ragam basa Sunda disebutna Tatakrama Basa Sunda. Baheula mah, dina basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Harita, katangtuan atawa aturan nu aya patalina jeung eta ragam basa Sunda teh disebutna Undak-usuk Basa Sunda.

    Tapi kiwari istilah Undak-usuk Basa Sunda geus diganti ku Tatakrama Basa Sunda. Salahsahiji alasan eta istilah diganti teh cenah sabab istilah Undak-usuk Basa Sunda mah miboga kesan feodal. Salian ti eta, kiwari mah ragam basa Sunda teh ngan saukur aya dua, nua istilah resmina nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma.

Pertanyaan Lainnya